KUNINGAN ASRI
Kuningan kota wisata
Anu endah siga di alam surga
Loba pisan tempat paulinan
Keur niiskeun hate eujeung pikiran
Kuningan rindang jeung asri
Kabupaten nu jadi perbatesan
Linggarjati tempat keur rundingan
Harita keur masih jaman penjajahan
Reff :
Kuningan asri
Aman sehat rindang jeung endah
Kuningan asri nya kota adipati
Kuningan aari
Aman sehat rindang jeung endah
Kuningan asri kota nu di pikacinta
Ciremai salah sa iji
Tempat wisata nu aya di kuningan
Cibulan tempat pamandian
Herang caina endah pamandangana
Kuningan repeh jeung rapih
Sopan budaya masarakatna
Sunda bahasana halus tutur katana
Jadi ciri masarakat kuningan