Bulan nu ngempray nyaangan
Nyarengan diri nu keur kapoekan
Jalan cinta urang jauh tina pangharepan
Kunaon beut kieu jadina
Regang nu jadi panghalang
Kana kahirupan cinta urang
Nu teu nyatujuan kana jalan cinta urang
Bulan jadi saksi cinta urang
Naon atuh salahna
Naon atuh dosana
Sumpah janji ti salira
Geuningan mana buktina
Cinta urang duaan
Pegat di tengah jalan
Juah tina sangkaan
Jauh tina sawangan
Bulan
Jadi saksi cinta urang
Regang nu jadi panghalang
Kana kahirupan cinta urang
Nu teu nyatujuan kana jalan cinta urang
Bulan jadi saksi cinta urang
Naon atuh salahna
Naon atuh dosana
Sumpah janji ti salira
Geuningan mana buktina
Cinta urang duaan
Pegat di tengah jalan
Juah tina sangkaan
Jauh tina sawangan
Bulan
Jadi saksi cinta urang