mimiti kuring panggih jeung manehna
ngadadak ngageder rasa cinta
tapi arek balaka ieu hate teu wasa
sok sien manehna teu narima
poe anu kadua kuring nekad nyarita
nepikeun geter na rasa cinta
manehna ge sarua boga rasa micinta
cinta kuring ge ditarima
mun can nempo fotona mun can neuteup imutna
ieu panon teh hese rek sare
mun peuting sok maturan
datang dina impian, duh endahna paduduaan
tiberang na lamunan ciptaan kabagjaan mun laksana ka pelaminan
duh aduhhh kapengpeongan
ie kuring kabungbuleungan