Janji kamari by ferra-文本歌词

Janji kamari by ferra-文本歌词

发行日期:

Janji kamari by ferra - Ringkid

Lyrics by:Iyang suryaman

Composed by:Iyang suryaman

Produced by:Ringkid

Kasep sing percaya eneng mah satia

Tuh bulan bentang saksina

Najan anggang raga kahalang sagara

Mung anjeun nu di picinta

Jangji nu kamari teu kungsi kaganti

Pageuh teu laas ku wanci

Tebih dina soca mung cakeut di du'a

Cinta urang salamina

Mana jangji akang nu baheula

Mana sumpah engkang nu bihari

Hanas abdi nganti siang wengi

Horeng ngan ukur mere hareupan

Tuh bulan saksina mawa beja

Asih urang geuning di tungtung carita

Bentang teu nyarengan ningalkeun hate nu melang

Ukur ka anjeun diri neundeun hareupan

Duh gusti mugi kiatkeun diri

Tali asih urang sing janten ngahiji

Najan lobana gogoda tumiba ka diri

Ukur anjeun nu jadi cinta sajati